Sunday, October 8, 2017

Pembahasan Lafadz Basmallah..

Bismillah teh hiji lafadz anu sok dipake bubuka dina sagala hal ku para ulama mubtadiin...


Dina ieu kasempatan simkuring rek ngabahas ngenaan lafdz BIsmillah, lantaran ieu lafadz teh dina zaman ayeuna geus loba anu poho ngucapkeunana, dina zaman baheula kolot baheulamah teu weuleh sok maca bismillah dina mimitian sagala hal ieu nyirikeun yen zaman ayeuna geus paroho kana kautamaan maca bismillah.

Dina sakabeh kitab kitab elmu agama pasti dimimitian ku lafadz bismillah, naon sababna ? sabab ieu lafadz bismillah ngabogaan pirang pirang kautamaan dina nalika diucapkeun diawal sakabeh perkara.Diantara kautamaan anu geus di carioskeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW,

Dina hadist kahiji kangjeng nabi nyarioskeun bahwa lamun hiji perkara anu ditilai alus menurut agama jeung adat, teu dimimitian ku lafadz bismillah, maka eta perkara teh bakal kurang barokah, hartina teu pantes, dina hadist eta oge kangjeng nabi mere conto yen urang sebagai umat islam teu pantes lamun migawe hiji perkara teu maca Bismillah.
Lawang kabarokahan tina hiji perkara diantara ku maca bismillah dina awal eta perkara bari diniatan ibadah ka gusti, para ulama geus nyontokeun bahwa kurang barokah teh saperti hiji perkara anu teu sampurna, saperti Ucing anu euweuh buluan atawa Munding anu euweuh buntutan, nyakitu oge dina amal urang lamun teu dimimitian ku bidmillah, maka eta amal urangteh teu pantes katempona bari kurang barokah, dina nalika hiji perkara geus jurang barokah maka eta moal karasa kamanfaatanana. Sabab ari barokah teh menurut para ulama nyaeta "tambah tambahna dina kahadean", sanajan katempona saeutik tapi lamun barokahmah insyaAllah bakal karasa kamanfaatanana.

Dina hadist kadua kangjeng nabi nyarioskeun yen dimana mana hiji jelema kamaksud kana migawe amal soleh, tapi teu dimimitian ku Bismillah , maka bakal datang setan keur ngaruksak etaniat jelama.
Migawe amal soleh moal lepas tina niat migawena, tah eta niat teh anu bakal ngabedakeun pagawean ibadah jeung lain ibadah, conto jelema anu sare di masjid lamun teu diniatan i'tikaf maka eta sarena ngan saukur sare bari moal jadi ibadah, tapi beda jeung hiji jalma anu sare di masjid bari dina nalika asup ka masjid di niatan i'tikaf, mangka eta sarena indyaAllah bakal jadi ibadah, sanajan eta sare lain ibadah tapi diniatan ibadah maka eta sare bakal jadi ibadah.

Kangjeng nabi nyarioskeun dina nalika hiji jalma rek migawe amal soleh maka setan daatang keur ngaruksak eta niat, maka maca bismillah bakal jadi benteng supaya eta niat amal urang kajaga tina gangguan setan, sabab lamu amal soleh diniatan salah, maka eta amal teh moal jadi ibadah.

Niat goreng moal bisa ditutupan ku amal soleh hartina sakumaha alusna amal lamun niatna salah maka tetep salah, kuayan sakitu mangka maca bismillah bakal jadi panghalang ka setan supaya teu bisa datang kaurang keur ngaruksak niat urang,,,
Mudah mudahan urang kaasup kana jalma anu sok maca bismillah dina awal hiji perkara supaya amal urang barokah jeung kajaga niatna ti setan anu sok terus ngaruksak kana niat jalma soleh,....

No comments: