Friday, October 6, 2017

Hikmah Nulungan Sasama

" Allah SWT bakal nulungan hiji abdi, dimana mana aya eta abdi teh sok daek nulungan sasamana "


Eta salahsahiji hadis anu nerangkeun hikmah tina nulungan ka sasama, dina hal tutulung ka sasama eta geus jadi hiji kawajiban keur jalma islam, sabab ku sili tulungan urang bisa ngaringankeun beban atwa kabutuhan jalma sejen.
Tapi aya hiji hal anu kudu ku urang diperhatikeun dina nalika urang nulungan sasama nyaeta kudu dibarengan ku Ikhlas. Ikhlas katingali jentulna sabab eta ikhlasmah pagawean hate, tapi urang bakal bisa nempo ciri ciri jalma anu ikhlas, diantrana jalma anu ikhlasmah tara aya rasa ngarep ngarep buruh ti jalma anu geus ditulunganana.

Dina hadist geus diterangkeun bahwa Allah SWT bakan nulungan ka hiji jalma, salila eta jalma daek nulungan sasamana, etamha kumaha wae carana atawa jalana nulungan, rek ku materi, tanaga atwa pikiran nu penting urang bisa mantuan ngaringankeun beban hii jalma, dina eta hadist geus jelas bahwa pertolongan allah bakal datang ku jalan urang nulungan sasama.

Loba jalan keur ngaraih Pertolongan Allah nya dianterana ku nulungan sasama, jadi intina urang sebagai jalma anu beriman kudu daek tutulung ka jalma sejen, sabab dina kahirupan bersosialisasi urang sebagai makhluk sosial moal lepas tina  gau jeung jalma anu sejen.

Mudah mudahan ieu tulisan manfaat keur sakabeh anu macana,,Amiiin.

No comments: